Najan acara baris dimimitian tabuh 09.00, ti tabuh 08.00 tamu téh geus mimiti ngagimbung. Nu ti luar kota mah, réa mondok heula di Bandung, meureun bisi kaporotan. Méméh prung acara, para tamu disayagikeun heula leueut, aya cikopi jeung jus jambu, katut lalawuhna. Aya deuih nu pogot nengetan paméran karya-karya Ajip Rosidi.

Para tamu nengetan buku di tempat pameran.
Jam 09.00, basa acara dibuka, tamu geus pinuh. Ari nu ditaksir ku panitia mah tamu téh 400-an. Atuh réa nu teu kabagéan tempat calik. Tapi henteu nepi ka pundung, réréana mah tagen wé najan kudu ngajanteng.
Acara dibuka ku MC, diteruskeun ku maca kalam Illahi. Saritilawahna dihaharingkeun, tarjamahan surat Al-Ashr:
Demi wanci,
Satemenna jalma aya dina rugi
Demi wanci,
Satemenna jalma aya dina rugi
Iwal anu iman,
Iwal anu soléh,
Nu silih wasiatan dina bebeneran,
Iwal anu iman,
Iwal anu soléh,
Nu silih wasiatan dina kasabaran.
Kitu cék nu ngahariring téh. Sorana, emh, teuing ku halimpu. Abong geus kaasah dina seni tembang.
Rérés nu maca kalam Illahi, diteruskeun kana pangbagéa. Mimiti ti pupuhu panitia, Prof. Dr. A. Chaédar Alwasilah, diteruskeun ku Réktor Unpad, Prof. Dr. Ganjar Kurnia, DEA minangka nu pribumi. Gubernur nu tadina mah rék hadir, pidatona diwakilan ku Dra. Wiana.
Ti dinya nincak kana “Peluncuran Buku dan Website”, nu dipirig prosési téa. Aya kana 15 judulna buku Ajip Rosidi nu medal téh, boh karya anyar, boh nu citak ulang.
Saterusna acara diskusi buku “Hidup tanpa Ijazah”. Dr. (HC) Rosihan Anwar, nu jadi panyatur, najan tos sepuh tapi nyaritana mah tatag kénéh. Panyatur séjénna, Drs. H. Setia Permana. Prof. Dr. Bambang Hidayat nu tadina rék jadi panyatur deuih, teu tiasa sumping. Acara diskusi dimoderatoran ku Ahmad Syubanuddin Alwy.
Hawé Setiawan kapapancénan pikeun ngémbarkeun nu kasinugrahan hadiah Rancagé 2007, disambung ku maca sajak, ditutup ku biantara Ajip Rosidi dina “Renungan 70 Tahun”.
Acara kakara lekasan jam 14.00. Tapi alhamdulillah, ari konsumsi mah henteu nepi ka pérén pisan, najan nu datang leuwih ti 600 urang. Lian ti éta, buku Hidup tanpa Ijazah nu kandelna 1.364 kaca, béak pada ngaborong, teu nyésa jilid-jilidna acan, malah réa nu teu kabagéan.***(Dadan Sutisna)