Aya limaan nu maca sajak dina acara 70 Taun Ajip Rosidi téh. Nu hiji deuih mah méméhna teu kasabit-sabit, nya éta putuna Ajip Rosidi, Real Azmi Izzatillah maca sajak “Siki Sasawi”. Nu opatan deui, sakumaha nu geus direncanakeun, kabéh gé hadir, nyaéta Taufiq Ismail, W.S. Réndra, Ganjar Kurnia, jeung Godi Suwarna.

sajak-taufiq-ismail.jpgNu mimiti maca sajak téh Taufiq Ismail. Méméh prung, Taufiq ngawilujengkeun heula ka Ajip Rosidi nu poé ieu nincak mangsa 70 taun. Dua sajak nu dibaca ku Taufiq eusina patali jeung umur. Sajak nu kahiji, nyaritakeun hiji jalma nu ditanya ku hiji budak, naha “kita yang mengejar umur” atawa “umur yang mengejar kita”. Éta pertanyaan téh nepi ka waktu 40 taun teu bisa kajawab. Tungtungna, basa umur éta jalma geus tunggang gunung, pareng milu ngurebkeun babaturanana nu maot, panggih deui jeung budak nu ti heula nanya téa. Geus jadi jelema jugala éta budak téh, bari méré jawaban kana pertanyaanana baheula. Pokna: “jawabanana téh kuburan”.

Sajak nu kadua mangrupa pananya panyajak kana hartining ulang taun. Naha bet kudu méré lilin, naha bet kudu méré kado ka nu ulang taun. Padahal cenah, ulang taun mah teuleumaneun saréréa.

sajak-ganjar-kurnia.jpgGanjar Kurnia méméh maca sajak téh sanduk-sanduk heula. Pokna, dititah maca sajak sotéh boa lantaran anjeunna keur jadi réktor, da baheula mah cenah tara aya nu ngéngkén nitah maca sajak. Ari sajak nu dibacakeun ku Ganjar mah parondok, tapi patri.

Ari Godi Suwarna, bangun nu teu sabar. Can gé digeroan, geus nelenyeng ka hareup. Puguh wé “disentak” ku MC, da dianggap hihidenganan. Bungah teuing tayohna, pédah meunang béja Godi dilélér Hadiah Rancagé. Siga sasari, ieu “raja panyajak Sunda” téh teu weléh matak hookeun nu lalajo. Ari sajak nu dibacana téh “Blues Kéré Lauk”, “Grand Frix”, jeung “Sajak Dongéng Si Ujang”.

Acara maca sajak dipungkas ku W.S. Réndra. Geus papada terang kumaha kamampuh Réndra dina maca sajak mah. Ngan méméhna Réndra nyebutkeun, pangna inyana bisa siga ayeuna téh teu leupas tina peran Ajip Rosidi. (Dadan Sutisna)