RENUNGAN 70 taun nu dibaca ku Ajip Rosidi téh leuwih ti satengah jam. Eusina gunem catur jeung dirina pribadi, tiasa dios di dieu. Ngan sabada Kang Ajip ngucapkeun salam keur mungkas biantara, anjeunna ngaregog. Rék turun ti panggung kadéngé sora nu tatabeuhan mani séah. Sora tarompét nérétét, kurunyung nu ngagotong jampana, dituturkeun ku nu ngibing, nu tatabeuhan, jeung nu mawa umbul.

Rombongan nu tatababeuhan ngajajar di panggung. Kang Ajip masih kénéh kerung, malah ngaharéwos ka nu ngagotong jampana, pokna, “naon éta téh?”

“Tumpeng, Kang!” walon nu ngagotong jampana bari angger ngéngklak. Kakara geus kitu mah Kang Ajip “tenang”, singhoréng acara pamungkas téh motong tumpeng.

ajip-potong-tumpeng1.jpg

Ajip Rosidi motong tumpeng ulang taun ka-70.

Bérés nu tatabeuhan, Kang Ajip motong éta tumpeng, dibaturan ku Kang Ganjar Kurnia jeung Chaédar Alwasilah. Tumpeng meunang motong téh terus dipasrahkeun ka Dr. (HC) Rosihan Anwar jeung H. Soekanto S.A. Geus kitu acara ditutup ku do’a.

Nu boga gagasan “ngareureuwas” Kang Ajip téh saenyana Kang Ganjar. Dina rapat panitia méméhna, Kang Ganjar nyebutkeun yén rék nyieun surprise ka Kang Ajip. Da apan dina susunan acara mah teu kasabit-sabit rék aya nu ngagotong tumpeng bari ditabeuhan. (Dadan Sutisna)