DINA acara 70 Taun Ajip Rosidi di Graha Sanusi Hardjadinata Unpad, 31 Januari 2008, mahasiswa nu ngagabung dina Lingkung Seni Sunda (Lises) Unpad, mintonkeun karesmén gelar pustaka. Ieu karesmén téh diracik dina kombinasi seni Sunda karawitan, ibing, jaipongan, kawih, tarawangsa, jsté.

Ti mimiti dur panjak, tatabeuhan nayaga midangkeun suasana nu hégar. Kurunyung jajaka tujuhan, marawa gugunung. Geus kitu langgéor mojang, maraké kabaya héjo, ngibing rampak marengan para jajaka. Ngong juru catur maca sajak, nu kekecapan beunang nyambung-nyarungsum judul-judul buku karya Ajip Rosidi.

karesmen-gelar-pustaka.jpg

Karesmen Gelar Pustaka ti Lises Unpad

Dina bagian séjénna, waditra ditaékkeun kana ketuk tilu. Nyi mojang nu ngaribing téh malih warni jadi ronggéng, da bagian éta mah nyaritakeun cutatan sajak populér Ajip Rosidi, “Janté Arkidam”.

Bérés “Janté Arkidam”, nayaga eureun. Hawar-hawar kadéngé sora nu ngését tarawangsa, gelak-gelik matak sedih. Kurunyung nu marawa deui gugunungan. Juru catur mimiti nyoara deui, beuki tarik, beuki tarik, nepi ka eureunna bareng jeung mojang-jajaka nu malikkeun gugunungan, janggélék buku-buku karya Ajip Rosidi.

Pidangan Karesmén Gelar Pustaka dipungkas ku masrahkeun buku ti Ajip Rosidi ka tokoh ti sawatara lembaga, di antarana Réktor Unpad, Réktor Unisba, Réktor UPI, Réktor Unpas, Pupuhu PP-SS, Pupuhu LBSS, jsté. (Dadan Sutisna)