Kategori: Esai Bahasa Sunda | Dimuat pada: 29-01-2008 | Tanpa komentar »

Kuring nénjo poé hareup nagara Indonésia anu anyar merdéka téh gumawang caang narawangan, ébréh jalan pajueun asup kana pasamoan nagara-nagara di dunya. Républik Indonésia geus jadi anggota PBB, hartina satata jeung nagara-nagara anggota lianna. Bangsa jeung nagara Indonésia miboga préstasi anu diaku ku dunya internasional. Pangpangna ku sabab bisa ngarebut kamerdékaan tina jajahan deungeun ku usahana sorangan. Kamerdékaan Indonésia lain paméré nu lian. Ku bangsa-bangsa anu kakara merdéka atawa nu masih bajoang ngarebut kamerdékaanana di Asia jeung Afrika, Indonésia dijadikeun modél bangsa anu leupas tina kolonialisme sacara héroik. Dina taun 1955 Indonésia ngayakeun Konferénsi Asia-Afrika anu ngalahirkeun Déklarasi Bandung anu dijadikeun cecekelan ku bangsa-bangsa anu anyar merdéka.