Ku Ajip Rosidi

Iraha kecap bangsa asup kana basa Sunda? Jigana kakara dina abad ka-20, patali jeung medalna surat-surat kabar jeung majalah anu ngabéla nasionalisme. Saméméhna mah dina basa Sunda digunakeun kecap urang: urang Sunda, urang Jawa, urang Arab, urang Bandung, urang Solo, urang Islam, urang Kristen. Tangtu baé kecap urang jeung bangsa téh henteu idéntik pisan. Cara dina conto anu disebutan tadi, paling henteu aya tilu harti urang dina basa Sunda téh (1) sarua hartina jeung bangsa atawa suku bangsa (urang Sunda, urang Jawa, urang Arab); (2) hartina jalma anu cicing di tempat anu disebut pandeurieunana atawa baheula éta jalma téh asalna ti dinya (urang Bandung hartina jalma anu matuh di atawa anu asalna ti Bandung, jst.); jeung (3) hartina jalma anu ngagem agama anu disebut sapandeurieunana (urang Kristen hartina éta jalma ngagem agama Kristen, urang Katolik hartina jalma anu ngagem agama Katolik), jst. Salian ti éta kecap urang gé sok digunakeun jadi kecap gaganti diri jalma kahiji plural atawa singular.

Kecap bangsa dina basa Sunda henteu mustahil dipulung tina basa Indonésia pikeun nuduhkeun konsép anu henteu kakurung ku kecap urang. Ku lantaran kecap bangsa sabada proklamasi kamerdikaan digunakeun pikeun nyebut urang Indonésia sakumna, nya timbul istilah sukubangsa, nu ngandung harti bagian ti bangsa Indonésia. Urang Sunda, bangsa Sunda jadi sukubangsa. Urang Jawa, bangsa Jawa jadi sukubangsa Jawa. Urang Bali, bangsa Bali jadi sukubangsa Bali deuih. Jeung saterusna.

Istilah bangsa Indonésia digunakeun pikeun nyebut warganagara Républik Indonésia. Kabéh sukubangsa anu nyicingan wilayah nagara Indonésia dianggap warganagara Indonésia, jadi bangsa Indonésia. Kecap bangsa miboga harti hukum, nu henteu dipibanda ku kecap urang. Ngan aya harti nu aya dina kecap urang nu henteu acan tangtu aya dina kecap bangsa. Nyaéta pisan anu ngabédakeun urang Sunda jeung jeung urang Indonésia séjénna, sukubangsa séjénna.

Naon nu ngabédakeun urang Sunda, sukubangsa Sunda jeung sukubangsa Indonésia lianna? Sacara étnis mah da méh taya bédana, papada kaasup ka kulawarga besar Mongoloid, sanajan aya nu kawengku ka golongan Négrito, pangpangna anu maratuh di beulah wétan.

Masing-masing lingkungan sukubangsa di Indonésia miboga kabudayaan anu mandiri. Miboga adat-istiadat nu mandiri. Nu panggancangna kaciri tina basana, masing-masing sukubangsa miboga basa anu mandiri, basa nu ngan digunakeun ku jeung di lingkungan sukubangsa éta baé. Urang Sunda, sukubangsa Sunda ngagunakeun basa Sunda, urang Jawa ngagunakeun basa Jawa, urang Minang ngagunakeun basa Minang, urang Bugis ngagunakeun basa Bugis, jst. Nyaéta basa anu sok disebut basa daérah, nu di lingkungan ilmu sok disebut basa indung. Hartina basa anu digunakeun ku indung ka anak anu kungsi dikandungna. Ngan dina palebah dieu, ayeuna mah teu bisa dijadikeun katangtuan, sabab réa indung urang Sunda nu sanajan salakina gé urang Sunda, tara daékeun ngagunakeun basa Sunda ana nyarita jeung anakna. Ku sabab aya anggapan yén basa Sunda mah basa daérah, dianggap perenahna sahandapeun basa nasional – jauh di handapeun basa asing cara basa Inggris atawa basa Jepang. Ieu kaayaan tangtu baris nangtukeun nasib basa Sunda ka hareup. Lamun kabéh indung jeung bapa urang Sunda, geus henteu daraékeun deui ngagunakeun basa Sunda ana nyarita jeung barudakna, tanwandé ka hareup mah basa Sunda téh moal aya nu ngagunakeun deui. Nasibna baris sarua jeung basa Sangsakerta, basa Kawi jeung basa Latin nu geus tara digunakeun pikeun paguneman sapopoé. Disebutna basa nu geus paéh.

Basa Latin mėmang masih digunakeun di lingkungan garéja Katolik, atawa di lingkungan para ilmuwan klasik, pangpangna lamun ngabahas widang élmuna. Tapi dina kahirupan sapopoé mah euweuh komunitas anu ngagunakeunana deui.

Leuheung basa Sangsakerta, Latin jeung Kawi mah sanajan paéh gé pada ngarulik, sabab réa naskah anu ditulis dina éta basa nu tilu. Kumaha ari basa Sunda? Naha aya naskah anu ditulis dina basa Sunda anu ngandung élmu nu luhung nepi ka réa ahli anu ngarasa perelueun ngulik eusina?