Ku Ajip Rosidi

Di sawatara kabupatén di Jawa Tengah aya kawijakan anu ngudukeun para karyawan di kantor-kantor lingkungan pemda nyarita basa daérah (Jawa) sapoé dina saminggu. Lamun aya anu (poho) ngagunakeun basa Indonésia, didengda. Kawijakan kitu téh ayeuna geus ditarurutan di Jawa Barat. Aya kantor-kantor anu kiwari ngudukeun para karyawanna nyarita ku basa Sunda sapoé dina saminggu. Lamun aya nu ngarempak, didengda.

Saliwatan mah éta kawijakan téh jiga anu némbongkeun kanyaah kana basa daérah. Cara kitu cenah baheula dilaksanakeun di saban HIS. Para murid sapopoéna kudu  (jadi 6 poé dina saminggu) nyarita ku basa Walanda, lamun aya anu nyarita ku lain basa Walanda didengda. Di sawatara pasantrén ogé cara kitu téh ditarurutan. Para santri sapopoéna kudu nyarita ku basa Arab jeung Inggris, lamun nyarita ku basa Indonésia atawa daérah, didengda.

Cara kitu téh mémang  ngajurung para murid (HIS) atawa para santri (pasantrén) leuwih soson-soson diajarna basa asing. Tapi sacara henteu langsung hal éta gé ngahudangkeun anggapan para murid jeung para santri yén basa nasional jeung basa daérah mah lain basa anu luhur ajénna, ku kituna henteu kudu disanghareupan sacara daria. Dianggapna, baris bisa ku sorangan ieuh.

Kawijakan ngagunakeun basa daérah di kantor-kantor, sanajan ngan sapoé baris nimbulkeun masalah praktis, sabab ayeuna mah di kantor mana di Jawa Barat jeung di Banten anu karyawanna kabéhanana urang Sunda? Karyawan anu lain urang Sunda lamun kalungguhanana jadi bawahan tangtu baris nurut kana kawijakan kapala kantorna, sanajan henteu mustahil dina haténa mah gegelendeng. Lain hartina henteu aya anu hideng sorangan nyarita ku basa Sunda, da réa urang peuntas anu sameméh aya kawijakan kitu gé sok nyararita ku basa Sunda, sakapeung basa Sundana leuwih alus manan réréana urang Sunda. Almarhum Livain Lubis upamana, apan urang Batak, tapi basa Sundana jeung rengkuhna geus Nyunda pisan. Kiwari réa paranakan Cina anu basa Sundana leuwih bérés manan réréana urang Sunda. Dina taun 1950-an, basa Sunda paranakan Cina téh kasar jeung “sia-aing” baé, ayeuna mah apan barudak urang Sunda anu ana pirajeunan nyarita basa Sunda “sia-aing” jeung kecap “anjing” baé anu murubut diucapkeunana téh.

Naha kawijakan kudu ngagunakeun basa Sunda atawa basa daérah lianna di luareun Jawa Barat baris gedé pangaruhna kana kamekaran basa Sunda? Cara ilaharna “mode” atawa “fashion”,  ngan baris jadi bahan obrolan. Henteu mustahil malah pada ngageuhgeuykeun - paling henteu di tukangeun.

Lamun enya hayang ngaronjatkeun harkat basa daérah, dina hal urang di Jawa Barat jeung Banten, basa Sunda, henteu aya deui jalanna salian ti pamaréntah daérah ngaluarkeun Perda (Peraturan Daérah) — anu luyu jeung wewenangna - anu ngangkat basa Sunda jadi basa resmi di sagigireun basa Indonésia. Ku ayana éta Perda, basa Sunda lain baé bisa digunakeun jadi panganteur di sakola-sakola, tapi bisa digunakeun di Pangadilan deuih, nepi ka urang lembur anu henteu (pati)  bisaeun basa nasional bisa nepikeun pamanggih atawa kasaksianana kalawan laluasa.

Nepi ka ayeuna saban sakitan atawa saksi urang lembur nu henteu (pati) bisaeun basa nasional kudu nyarita dina basa  nasional, nepi ka henteu mustahil aya ha-hal anu nimbulkeun salah tafsir ti pihak hakim atawa jaksa nu matak ngarugikeun nu didakwa.

Ayana Perda nu ngangkat basa daérah jadi satingkat jeung basa nasional, henteu pasalia jeung Undang-undang Otonomi Daérah. Hartina aya dina wewenang para bupati jeung walikota katut para anggota DPRD-na.              Lamun basa daérah sacara resmi geus disaruakeun kalungguhanana jeung basa nasional, tacan ngandung harti yén balaréa baris ngajénan kana basa daérahna. Masalah numuwuhkeun pangajén kana basa daérah moal bisa kaungkulan ku ayana Perda. Sacara umum ayeuna aya anggapan yén basa daérah (lain ngan basa Sunda ku urang Sunda baé) téh kalungguhanana handapeun basa naisoal, basa Indonésia. Tapi basa nasional gé dianggap leuwih handap kalungguhanana manan basa deungeun, pangpangna basa Inggris. Numatak di mana baé, para pakar urang lamun nyarita kudu baé diselang ku sawatara ungkara basa Inggris, meureun ambéh katangar yén inteléktual. Geus puguh ari direumbeuy ku kecap-kecap basa Inggris mah, istilah atawa kecap anu aya basa Indonésiana ogé ngahaja diganti ku kecap Inggris kayaning “pilihan” diganti ku “opsi” (tina “option”) padahal saméméhna digunakeun kecap Walanda “inisiatif”, “pemilih” diganti ku “konstituén”, “potongan” (harga) jadi “diskon” padahal saméméhna dipaké kecap “korting” tina basa Walanda; jll. Dalah kecap kosta anu geus maneuh jadi kecap Indonésia ogé diucapkeunana ayeuna mah nurutan basa Inggris, “universitas”, diucapkeun  “yuniversitas”, “produk” diucapkeun “prodak”,  “internasional” diucapkeun “international” (cara dina basa Inggris) jllna.  Komo para présénter télévisi mah, ateul cungcurungan jigana lamun henteu némbongkeun yén bisa basa Inggris téh.

Masalahna henteu cukup diungkulan ku Perda atawa paraturan lianna. Sabab hal éta patali jeung sikep katut méntalitas bangsa urang anu nganggap sagala anu datang ti bangsa adijaya kudu diturutan sabab dianggap leuwih luhur ajénna. Hal ieu ngan bisa diungkulan ku atikan, boh di imah boh di sakola. Padahal ayeuna mah di TK jeung di SD ogé geus réa anu ngajarkeun basa Inggris. Malah di sawatara daérah basa Inggris téh diasupkeunana kana ……. muatan lokal!