Iraha kecap bangsa asup kana basa Sunda? Jigana kakara dina abad ka-20, patali jeung medalna surat-surat kabar jeung majalah anu ngabéla nasionalisme. Saméméhna mah dina basa Sunda digunakeun kecap urang: urang Sunda, urang Jawa, urang Arab, urang Bandung, urang Solo, urang Islam, urang Kristen. Tangtu baé kecap urang jeung bangsa téh henteu idéntik pisan. Cara dina conto anu disebutan tadi, paling henteu aya tilu harti urang dina basa Sunda téh (1) sarua hartina jeung bangsa atawa suku bangsa (urang Sunda, urang Jawa, urang Arab); (2) hartina jalma anu cicing di tempat anu disebut pandeurieunana atawa baheula éta jalma téh asalna ti dinya (urang Bandung hartina jalma anu matuh di atawa anu asalna ti Bandung, jst.); jeung (3) hartina jalma anu ngagem agama anu disebut sapandeurieunana (urang Kristen hartina éta jalma ngagem agama Kristen, urang Katolik hartina jalma anu ngagem agama Katolik), jst. Salian ti éta kecap urang gé sok digunakeun jadi kecap gaganti diri jalma kahiji plural atawa singular.