Ku H.Usép Romli HM

Di antara para pangarang Indonésia–komo Sunda mah–Ajip Rosidi kawilang panggetolna koréspondénsi. Sili suratan jeung papada para pangarang, seniman, budayawan, politikus, nagarawan dalah jeung jalma biasa nu teu kaasup katégori di luhur. Ampir dina sakabeh buku karanganana nu winangun kumpulan éséy atawa kritik, pasti aya tulisan mangrupa surat. Saperti dina Dur Panjak (1966), jeung Dengkleung Déngdék (1986). Atawa dina buku Kapankah Kesusasteraan Indonesia Lahir? (1964). Di dinya, aya surat-sinurat Ajip jeung Rustam Éfféndi, kekentong panyajak Indonésia saméméh Pujangga Baru.

Keur Ajip, nulis surat kawasna geus kaasup hiji kawajiban, nu teu béda ti nyipta sajak, carpon, roman jeung éséy. Produktivitas Ajip nulis surat, nepi ka kiwari moal aya nu ngungkulan. Mémang aya sawatara pangarang getol nulis surat, tur eusina lain wungkul gerentes haté pribadi keur pribadi, tapi ngandung informasi nu sipatna umum. Di antarana Iwan Simatupang jeung B.Sularto (dikumpulkeun dina Surat-Surat Politik Iwan Simatupang, LP3ES, 1984) atawa HB Jassin (Surat-Surat Sastra HB Jassin, 1993). Ngan teu réa modél Ajip Rosidi, sanajan karéréanana surat-surat Ajip ditulis dina basa Sunda.

Buku-buku Ajip Rosidi nu ngamuat surat-suratna campur jeung kritik, éséy atawa biografi, nu geus medal, nyaéta Pancakaki (1992), Eundeuk-Eundeukan (1996), jeung Ucang-Ucang Anggé (2001). Ari nu khusus mangrupa kumpulan surat-surat wungkul, nyaéta Trang Trang Koléntrang (1999) nu maké implik-implik “politik reformasi dina surat-surat ti Jepang”.

Ayeuna medal deui kumpulan surat-surat dijudulan Ayang-Ayang Gung (2003). Hiji kumpulan tina sabagian surat-surat nu ditulis ku Ajip taun 1980-1986.

Lamun Trang Trang Koléntrang ngabahas parobahan politik di lemah cai dina mangsa hangkeut réformasi 1998 jeung sataun sabadana (1999), Ayang-Ayang Gung mah khusus ngimeutan jeung ngungkab kaayaan mangsa muncakna kakawasaan rezim Orde Baru. Ajip nembrakkeun pamanggihna ka sawatara kekentong umat Islam anu keur nandangan katideresa, kalawan kasang tukang sikep politik réprésif rezim Orde Baru. Para tokoh umat Islam nu diajak “ngawangkong” ku Ajip via surat téh, nyaéta K.H. Endang Saéfudin Anshari, M.A., K.H. Joséf C.D., K.H. Dr. EZ Muttaqien, K.H. Afandi Ridhwan jeung Mr. H. Sjafruddin Prawiranagara. Di sagigireun éta, aya ogé surat nu ditujukeun ka nu teu kaasup kekentong Islam sacara formal, tapi eusi suratna tetep ngandung nuansa kaislaman. Saperti H. Ali Sadikin, Ramadhan K.H., Mh.Rustandi Kartakusumah, Tines (geureuha Ramadhan), jeung Abdullah Mustappa.

Ngeunaan tokoh-tokoh Islam nu mindeng dikiriman surat ku Ajip, perlu dipikanyaho saha-sahana. Upamana baé, “Si Ama” Endang Saéfudin Anshari jeung Joséf C.D. Najan teu kaasup tokoh umat Islam nu “diborogod” atawa dihalangan aktivitasnya, tapi ku rezim Orde Baru, tetep baé teu dipikaresep. Tara kaajak kana pajemuhan-pajemuhan resmi nu diayakeun ku pamaréntah mangsa harita. Tara pipilueun icikibung kana kagiatan “doa politik” pikeun nyokong Presidén Soeharto. Béh dituna, papaharé kana pangwujuk nu ngajak-ngajak ngadukung Golkar, mesin politik Orde Baru. Boh “Si Ama”, boh Kang Joséf, saban-saban usum pemilihan umum, sok némbongkeun sikep “golongan putih” (golput), bari sakapeung kawas-kawas nu ngahatéan Partai Persatuan Pembangunan (PPP), minangka pilihan alternatif keur umat Islam. Balukar hal ieu, kawasna, nu matak “Si Ama” ngantep rayina, Dudung Élias Iskandar, jadi aktivis PPP. Malah jeneng anggota DPRD Kodya Bandung ti PPP (1982-1987).

Mr.Sjafruddin Prawiranagara, ti taun 1980, geus di-persona-non-grata ku rezim Orde Baru pédah milu nandatangan “Petisi 50″. Tapi saméméhna ogé geus ditongtoyong. Pangpangna, ti barang ngayakeun usaha perjalanan haji “Husami” taun 1968-1969, nu dianggap nyaingan monopoli haji pamaréntah. Lantaran Mr. Sjafrudin kaasup gegedug Partai Masjumi, nu dibubarkeun ku Presidén Soekarno Agustus 1960 (bareng jeung Partai Sosialis Indonesia–PSI– pimpinan St. Sjahrir), atuh sakabéh gegedug Masjumi disahompét-daunkeun, dianggap anti Orde Baru. Ongkoh sabada rezim Orde Lama pimpinan Presidén Soekarno runtag, diganti ku rezim Orde Baru pimpinan Presidén Soeharto, para tokoh Masjumi usaha satékah polah sangkan Partai Islam Masjumi ngadeg deui. Diguguluan ku Prawoto Mangkusasmito, bari tetep pengkuh ngukuhan asas Islam jeung tékad nanjeurkeun syaréat Islam cara nu kungsi diperjoangkeun dina forum Konstituante hasil Pemilu 1955.

Prsidén Soeharto ngabaligud. Tong boro ngidinan Masjumi dihirupkeun, ngidinan urut kekentong Masjumi mingpin partai ogé dilarang. Mr. Muhammad Roem nu kapilih ku muktamar pikeun mingpin Parmusi (partéy anyar minangka gaganti Masjumi), gancang dipegatan. Didudut ngaliwatan radiogram Asistén Pribadi (Aspri) Presidén Soeharto, Mayjén Alamsyah Ratuprawiranegara. Malah dina buku Jejak Langkah Prawoto Mangkusasmito (1969), Soeharto kungsi ngancam, lamun keukeuh maksa hayang ngadegkeun Masjumi, “Ksatriaan–gedong tempat naha jalma-jalma nu anggap baha ka pamaréntah–gé lega kénéh.”

Atuh jalma-jalma nu katingal boga hubungan idéologis jeung Masjumi ogé, disingkirkeun. Saperti Jarnawi Hadikusumo jeung Lukman Harun, nu kapapancénan mingpin Parmusi sabada Mr. Muhammad Roem dirorod, milu karorod deui. Ahir taun 1970 duanana dikudéta ku duét John Naro-Imron Kadir, nu didekeng ku lembaga Operasi Khusus (Opsus) pimpinan Mayjén Ali Murtopo.

Cohagna, jalma-jalma éks-Masjumi dina jaman rezim Orde Baru, nasibna ampir sarua jeung éks Partai Komunis Indonésia (PKI). Bédana, pédah henteu dikerem wungkul. Ngan sarua dicuriga, disahompét-daunkeun minangka kelompok anti Orde Baru, anti Pancasila jeung anti UUD 1945. Mun PKI disebut “ékstrim kiri”, Masjumi mah “ékstrim kanan”. Sarua dianggap ékstrim jeung sarua hak-hak politikna diucutan.

H. Ali Sadikin lain urang Masyumi. Idéologina jauh tanah ka langit. Ali Sadikin sok pada nganggap nasionalis. Tapi henteu kungsi kabéjakeun aktip atawa ngadukung partai nasionalis, saperti PNI, da Ali Sadikin mah militér tulén, Létnan Jéndral Marinir. Ali Sadikin kungsi nyangking kalungguhan Gupernur DKI Jakarta (1965-1977), hasil ngamajukeun pangwangunan ibukota dina sagala widang, kaasup widang kasenian jeung kabudayaan. Nepi ka Jakarta ngahontal tahap kota métropolitan. Tapi sabada Pemilu 1977 jabatanana dipungkas, diganti ku Mayjén Tjokropanolo. Alesanana, geus lila teuing mingpin ibukota. Ngan kabéh gé apal alesan nu sabenerna. Ali Sadikin, sacara pribadi, teu dipikaresep ku Presidén Soeharto. Keur mah henteu sakorps (Soeharto TNI AD, Ali TNI AL), turug-turug Ali Sadikin leuwih populér batan Soeharto. Ongkoh deui, dina Pemilu 1977, Golkar di DKI Jakarta éléh ku PPP, lantaran Gupernur Ali Sadikin ngabébaskeun aparat Pemda milih ti antara nu tilu (PPP, Golkar, PDI). Padahal gupernur-gupernur séjén mah ngawajibkeun sakabéh aparat pamaréntah, ti tingkat provinsi nepi ka tingkat RT, milih Golkar, jeung ngawajibkeun para aparat ngajak (baca : maksa) rahayat milih Golkar. Atuh puguh baé di mana-mana Golkar unggul mutlak, kajaba dina taun 1977 téa, di DKI Jakarta jeung Acéh, éléh ku PPP.

Marén tina gupernur, Ali Sadikin beuki tangoh ngiritik Orde Baru. Babarengan jeung Moh.Hatta (tilas Wakil Presidén jaman Soekarno), katut Jéndral Nasution jeung sawatara urang deui, boh ti militér, boh ti sipil, anu kritis ka Orde Baru, ngadegkeun Yayasan Kesadaran Berkonstitusi (1978). Puncakna nyaéta ngagelarkeun “Petisi 50″, hiji déklarasi nu eusina ngiritik rezim Orde Baru, kalawan akibat luar biasa. Nu nandatangan éta petisi, disungkeret aktivitasna. Teu meunang ka luar nagri, teu meunang méré ceramah, teu meunang hadir dina acara-acara nu dihadiran ku Presidén Soeharto, jeung sajabana, kaasup nginjeum duit ka bank. Kabéh kaleungitan “hak perdata”. Diteken, dicuriga, dijarauhan. Malah sawaktu-waktu bisa baé digebluskeun ka bui kalawan teu kungsi dijagragkeun ka pangadilan.

K.H. Dr. EZ Muttaqien (pupus taun 1983), kungsi jadi tahanan politik bareng jeung kekentong Masjumi séjénna, kayaning Mr. Sjafruddin Prawiranegara, Moh. Natsir, K.H. Isa Anshari, Prawoto Mangkusasmito, Sumarso Sumarsono, jsb. Tapi Kang Engkin– tetelahan EZ Muttaqien–nasibna rada alus. Meunang kénéh kapercayaan ti rezim Orde Baru pikeun aktip dina widang pendidikan. Malah kungsi nyangking Réktor Universitas Islam Bandung (Unisba) jeung Ketua Umum Majelis Ulama Indonésia (MUI). Tapi hal ieu nimbulkeun kontrovérsi nu ngaharib-harib kana ngabengkahkeun para pamingpin ummat Islam. Pangpangna di lingkungan éks-Masjumi nu keur dikungkung teu diawur dicangcang teu diparaban ku rezim Orde Baru. Kang Engkin dianggap “hianat” ku sabagian rekan-rekan saperjoanganana.

Jeung jalma-jalma samodél kitu, Ajip Rosidi silisuratan. Nu jadi jejer surat, sabagian gedé, mangrupa masalah-masalah nu keur, kudu jeung baris disanghareupan ku umat Islam di Indonésia mangsa Orde Baru. Lain lalawora, sabab dina taun-taun 1980-1986, rezim Orde Baru keur meumeujeuhna kumawasa. Presidén Soeharto geus hasil ngadalian militér, partai politik (kaasup Golkar), parlemén (DPR) jeung konstituante (MPR). Malah Pancasila jeung UUD 1945 ogé geus aya dina ranggeumanana. Munculna protés “Petisi 50″ apan balukar tina pamadegan Soeharto nu nganggap dirina répréséntasi Pancasila jeung UUD 1945. Dina salah sahiji pidatona, hareupeun pasukan élit RPKAD (Kopassus), Soeharto nyebutkeun, sing saha nu ngahual-hualkeun dirina jeung kulawargana (nu harita geus katangen korupsi, kolusi jeung népotisme), sarua jeung ngaganggu kamurnian Pancasila katut UUD 1945.

Disokong ku kakuatan militér (nu geus dipacikeuh), partai politik (nu geus dikabiri), DPR katut MPR (nu geus digabugkeun), kakawasaan Soeharto saanak pamajikan jeung incu, nerekab ka mana-mana. Dituturkeun jeung ditarurutan ku tingkat-tingkat pamaréntahan sahandapeunana (gupernur jeung bupati nu karéréanana militér aktip). Nya timbul rupa-rupa akibat nu matak pikanyerieun rahayat, pangpangna umat Islam. Saperti dipaksa-pirusa kudu milih Golkar dina saban Pemilu. Nu teu daék, malah kapanggih ngadukung partéy séjén (pangpangna PPP), dicerek, diintimidasi. Teu saeutik nu ditahan tanpa alesan hukum nu jelas. Karék dikaluarkeun lamun geus nandatangan pernyataan moal milih partéy séjén, iwal ti Golkar. Kajadian-kajadian nu leuwih hébat, saperti tragedi “Tanjungpriok” (Séptémber 1984), “Talangsari” Lampung (Pébruari 1989), nepi ka “Haurkonéng” Majalengka (1995), taya lian ti runtuyan sikep réprésif rezim Orde Baru nu totalitér ka umat Islam. Padahal mayoritas gegedén Orde Baru, ti puseur nagara nepi ka suklak-sikluk padésaan, ngagem agama Islam tur geus marunggah haji.

Ajip Rosidi telik kana kaayaan kitu. Sanajan dumuk jauh di béh pakaléran. Welasan taun mangkuk di tanah Jepang. Tétéla leuwih awas jeung imeut batan nu araya di lemah cai.

Kuring nyebut Islami kana surat-surat nu dimuat dina Ayang-Ayang Gung, sabab ampir kabéh ngandung masalah-masalah kaislaman. Salian ti ngagambarkeun kanyeri kapeurih salaku Muslim nu teu téga nyaksian pangakaya rezim Orde Baru ka (sabagian) umat Islam, Ajip katingal pisan kumereb kana kersaning Allah SWT. Réa istilah nu patula-patali jeung kayakinan kana pangampura, panangtayungan, rahmat, taufik, hidayah, jeung sajabana, nu mangrupa kristalisasi kakawasaan mutlak Allah SWT, digunakeun ku Ajip Rosidi dina nyambaraan atawa mungkas surat-suratna.

Malah dina surat anu ditujukeun ka Mh. Rustandi Kartakusumah (kaca …), Ajip ngajanggelek jadi juru dakwah murni. Terang-terangan ngalelempeng pamahaman Kang Iyus (nénéhna Mh. Rustandi) anu semu-semu nyimpang tina akidah tauhid. Kang Iyus nganggap “babakti kana sastra” téh sarua jeung ibadah. Bari istigfar, Ajip mentog:

“Geura mangga, upami babaktina anging ka Allah, moal aya nu pasalia sareng logika dina enggoning masrahkeun sagala rupina (kalebet rejeki) ka Allah téh. Yén urang icikibung dina sastra mung ukur lahan. Ku rido Anjeunna mah teu mustahil lahan urang téh ngalih ka nu sanés. Tapi sadayana ogé, sami baé kagungan Anjeunna, jadi naha nganggé diwilah-wilah: pikeun sastra henteu piduit pikeun nu séjén rék itungan?”

Dina kahirupan umum sapopoé, pamadegan samodél Rustandi, saenyana kawilang lumrah. Sagala rupa pagawéan dinisbatkeun kana ibadah. Politikus nipu rahayat, pajahkeun téh ibadah, pédah meunang légitimasi jadi anggota législatif nu dikuatan ku pamaréntah. Artis boboléklakan ngumbar orat, pangrasana ibadah, pédah dipikaresep ku balaréa.

Ningal sikep Ajip ka Rustandi, tangtu matak hémeng jalma saliwat. Duméh satengah abad ka tukang, Ajip ngaku mikareueus Rustandi. Pangpangna ku éséyna “Homo Faber” jeung “Adam Si Anak Hilang” (Hurip Waras, kaca 32). Teu mustahil, éta éséy Rustandi téh, mangaruhan Ajip–nu harita karék umur 15 taunan–pikeun ngarasa boga kayakinan teu mercaya ayana Allah. Nepi ka sering débat jeung Blagar, hiji urang Gayo, nu leket ibadah. Hanjakal éta débat téh (sakumaha diaku ku Ajip dina Hurip Waras kaca 33), Ajip teu bisa ngayakinkeun Blagar yén Allah euweuh, sabalikna Blagar teu bisa ngayakinkeun Ajip yén Allah téh aya.

Mémang kondisi lingkungan para seniman taun 1950-an, ngajurung kana hirupna paham atéis. Minimal sékulér, atawa “abangan”. Agama (Islam) ukur semet pangakuan jeung KTP. Ngalaksanakeun syaréat agama mah tara.

(Intermésso: taun 1995, hiji sastrawan nasional kawentar, teureuh Sunda, nepi ka luut-leet késang bungbeng ka ditu ka dieu, ménta surat pernyataan “bersih diri”. Nyaéta katerangan nu nétélakeun teu kalibet kana kaanggotaan Partéy Komunis Indonésia jeung pemberontakan G-30-S. Manéhna kudu sembah kuriling ka Bakorstanasda jeung Diréktorat Sospol–dua institusi nu boga wewenang nyabut atawa nibankeun tuduhan PKI/G-30-S ka saha baé. Éta sastrawan disebut anggota Lékra–organ kabudayaan PKI–dina tulisan nu dimuat dina majalah Tempo dina raraga miéling 30 taun G-30-S/PKI. Akibatna, éta sastrawan dieureunkeun tina ngadosénan di sawatara universitas di kota Bandung. Pikeun mulangkeun deui posisina, nya kudu boga katerangan “bersih diri” ti dua institusi tadi.

Sabot reureuh bada Jumaahan di masjid Gedong Merdéka, éta sastrawan pangangguran ditanya ku kuring jeung sawatara pangarang séjén nu harita kabeneran ngariung di dinya, naha enya manéhna asup partéy komunis? Jadi anggota Lékra? Manéhna ngajawab, teu pisan-pisan. Ngan ari simpati mah rumasa, lantaran anggota Lékra/PKI mah jalujur, cenah. Manéhna méré conto, Aidit, Nyono, Nyoto, Lukman, katut sawatara gegedug PKI séjénna, atéis. Teu percaya ka Allah. Nya maranéhna tara saralat atawa tara ka garéja. Ari urang Islam–pangpangna di kalangan seniman budayawan anti PKI/Lékra–tara saralat. Atuh nu ngagem agama Nasrani tara ka garéja. Alhasil, maranéhna teu jalujur. Ongkoh ngaku percaya ka Allah, tapi tara ngajalankeun ibadah. Tah nu matak simpati ka PKI/Lékra, ku jalujurna. Kataji ku kakonsekwénanana, cenah, lain anut kana idéologina).

Dina mangsa-mangsa taun 1950-an, mungkin Ajip ogé ngalaman kitu. Nepi ka kudu débat jeung Blagar ngeunaan aya-euweuhna Allah. Tapi sanggeus macaan karya-karya Hasan Mustapa, kahudang kasadaran pikeun ngajalankeun syaréat agama Islam. Nepi ka matak kagét Dodo Cardawi, sobat medok Ajip di Jatiwangi, pédah mireungeuh Ajip salat (Ucang-Ucang Anggé, kaca 25).

Kasadaran Ajip kana Islam, lain baé ukur ngajalankeun syaréat. Tapi kana sakabéh aspék ajaran Islam, nu salian ti syaréat (ibadah ritual), ngawengku akidah, ahlak jeung muamalah. Ningal tina tulisan-tulisanana nu patula-patali jeung urusan Islam, Ajip mémang jauh tina séktoral. Teu ukur nyawang Islam tina sajihat. Tapi tina sakabéh jihat anu sipatna kompréhénsif integral. Islam nu adumanis dina hiji adegan nu disebut “Al-Binaul Islam”. Wangunan Islam nu teu dipisah-pisah diwaréh-waréh. Islam nu sagolék-sapangkék dina prinsip “Ash-Shumuliyatul Islam”. Katangen tina tulisan-tulisan Ajip ahir taun 1960-an, nu dikumpulkeun dina buku Beberapa Persoalan Umat Islam Indonesia (1970).

Nurutkeun para inteléktual Islam kontémporér–pangpangna nu aktip dina “harakah”–”Ash-Shumuliyatul Islam” téh nyaéta Islam nu lengkep sampurna. Ibarat wangunan agreng (Al-Binaul Islam) nu didadasaran ku pondasi kuat kokoh (al-asas), nyaéta akidah tauhid. Diadegan tihang-tihang nu tagen (al-arkan) alias rukun Islam, nyaéta ibadah mahdhah (ritual), dihias ku akhlaqul karimah (perilaku jeung étika nu hadé), digelarkeun dina wujud ibadah ghair mahdhah atawa muamalah (sosial) mangrupa urusan-urusan hubungan jeung sasama manusa ngawengku soal-soal politik, ekonomi, budaya, kamasyarakatan, pertahanan, kamanan, jeung sajabana. Pikeun nangtayungan pondasi, tihang, hiasan jeung pancén katut kagunaan wangunan, aya al-muayyidat. Kontrol internal mangrupa amar ma’ruf nahyi munkar (ngajak kana kahadéan, nyegah tina kamungkaran), jeung kontrol éksternal, ngajaga intervénsi ti luar ku cara ngalanggengkeun jihad fi sabilillah.

Salila ieu–saprak prinsip ash-shumuliyatul Islam digadabah ku paham-paham séjén nu nyoko kana sékulérisme (misahkeun urusan agama tina urusan dunya)–pamahaman umat Islam kana ajaran Islam téh kasungkeret ku hiji atawa dua aspék wungkul. Aspek ukhrowiyah (nu patula-patali jeung kaahératan) leuwih dominan tinimbang aspék duniawiyah. Nepi ka réa umat Islam nu ngabaékeun urusan duniawi, tapi bari teu soson-soson neuleuman ukhrowi. Jeung teu saeutik deui umat Islam nu katonglokeun ku urusan duniawi, nepi ka popohoan, bari jeung teu nolih saeutik-eutik acan urusan ukhrowi. Umat Islam nu kuduna hirup saimbang antara duniawi jeung ukhrowi (QS al-Qashash: 77), rata-rata ukur jadi figur nu kumagok. Dunya henteu, ahérat henteu.

Matak pantes, Prof. Dr. Nurcholis Madjid (nu dinobatkeun teuing ku saha jadi tokoh “Cendekiawan Muslim”), dina awal taun 1970-an, boga anggapan, ajaran Islam leuwih hadé disékulérkeun. Ambéh umat Islam teu nogencang. Ari geus disékularisasikeun mah, puguh. Tangtu baé pamanggih Nurcholis ieu pada ngarentog. Di antarana ku Prof. Dr. M. Rasyidi jeung H. Endang Saéfudin Anshari, M.A. Pabentaran paham kelompok Nurcholis nu sarwa pragmatis, jeung kelompok Rasyidi nu sarwa konvénsional, kaitung lila ogé. Puncakna Désémber 1993. Nurcholis dirojong ku kelompok “Paramadina” ngaguguluan mekarkeun paham kalimatus sawa jeung hanifiyatus samhah. Nyaruakeun sakabéh agama dumasar kana fungsi sosial kamasyarakatanana, sakaligus nganggap intisari kaimanan agama-agama nu aya di sakuliah dunya, datang tina hiji sungapan anu sarua, nyaéta millah Ibrahim. Perbédaan ukur aya dina prakték ritual jeung hukum (syaréat), sabab éta mah kudu nyaluyukeun kana kaperluan pajamanan séwang-séwangan. Paham ieu meunang perlawanan keras ti kelompok konvénsional generasi anyar, diguguluan ku Dr Daud Rasyid jeung para mubaligh ngora ti Déwan Da’wah Islamiyah Indonésia (DDII).

Ajip Rosidi, sanajan deukeut ka Nurcholis Madjid, jeung ka DDII, henteu kabawa palid ku itu ku ieu. Pangalaman Ajip dina nyanghareupan polarisasi politik jeung kultural salila puluhan taun (nginjeum istilah jeung babaran Dr. Faruk HT), bisa nempatkeun diri dina posisi nu merenah. Malah bisa laluasa nyawang kaayaan Islam jeung umat Islam di Indonésia nu pinuh ku fatamorgana, ku panénjo nu seukeut sarta beresih tina pangaruh nu ngandung maksud-maksud (interés) nguntungkeun pribadi atawa kelompok.

Dina période surat-surat Ajip Ayang-Ayang Gung, kaayaan Islam jeung umat Islam Indonésia keur meujeuhna pajeujeut. Islam dijadikeun isu-isu politik keur kapentingan rezim Orde Baru. Slogan “Islam Yes, Politik No”, terus-terusan dihangkeutkeun. Di mana-mana diayakeun pedaran resmi atawa teu resmi, yén Islam murni wahyu Allah SWT, sedengkeun ari politik éta bubuatan manusa. Ku kituna ajaran Islam jeung ajaran politik, teu bisa dicampur-adukkeun. Islam kudu tetep Islam nu pasti suci, sakral. Politik tetep politik nu pasti boga kamungkinan kotor, panipuan jeung rékaperdaya.

Réa nu percaya kana rumusan di luhur. Jeung réa nu teu percaya, yén ajaran Islam geus ngandung ajaran politik. Islam sacara akidah, ibadah jeung ahlak, saolah-olah disina misah tina muamalah nu di antarana ngawengku urusan politik. Kabeneran buku-buku atawa kitab-kitab nu diarulik di paguron luhur Islam jeung pasantrén-pasantrén, langka nu ngabahas ajaran Islam nu kompréhénsif integral. Sabagian gedé éstuning parsial jeung séktoral. Karéréanana ulukutek dina soal-soal aplikasi fiqhul ibadah (hukum ibadah mahdhah),ti mimiti thaharah (susuci), syahadat, shalat, zakat, nikah, nepi ka urusan janazah (ngurus mayit). Soal-soal muamalah, boh nu ngawengku hukum pidana (jinayah), rupa-rupa hukuman (hudud), perdagangan (tijarah), boh politik (siyasah) jeung peperangan (gazwah), sipatna ukur pangaweruh verbal. Henteu bisa dipraktékkeun dina kahirupan sapopoé, lantaran hukum-hukum muamalah (sosial) nu dipaké ku pamaréntah, dicokot tina hukum Éropa.

Ningal kanyataan kitu, sawatara kelompok umat Islam nu kawilang modérnis tapi moderat, milih jalan ngagugulukeun “wacana-wacana” téologis tinimbang méré jalan ka umat Islam pikeun ngarti kana urusan politik Islam nu hakiki. Nya lahir kelompok “kalimatus sawa” jeung “hanifiyatus samhah” Nurcholis Madjid jeung Kajian Islam Paramadina. Nya lahir kelompok “Islam Liberal” anu ngabaidkeun fiqh Islam anu cenah mah tinggal “fossil”. Nya lahir kelompok-kelompok Islam rasional, sakumaha nu ditaratas ku jenatna Ahmad Wahib, nu nganggap ajaran Islam ukur runtuyan peristiwa sajarah. Nya lahir kelompok “Islam Kultural” nu digagas ku Abdurahman Wahid, Dawam Raharjo, jeung sajabana, nu usaha satékah polah megatkeun tatali Islam tina sungapan awalna di Jazirah Arabia.

Enas-enasna mah kabéh ogé, ngantep Islam jeung umat Islam pikeun jadi obyék rezim Orde Baru. Pangpangna dina urusan ngalunturkeun akidah tauhid. Islam jeung umat Islam Indonésia dianggap asét pangwangunan nasional nu utama. Ngan saratna kudu “dipribumikeun” ti heula. Dina harti kudu mupus idiom jeung simbol Arab. Harti satuluyna, kudu mupus idiom-idiom jeung simbol-simbol Ilahiah nu nétélakeun yén Islam téh Dienullah nu ngawengku sakabéh aspék kahirupan dunya jeung ahérat.

Ajip Rosidi henteu kabawa kana éta ulekan. Malah nyengceling sorangan. Némbongkeun kayakinan nu teteg panceg kana ajén-inajén tauhidullah. Sakumaha katangen tina suratna ka H. Ali Sadikin. Nyaritakeun ngahadiran upacara miéling poé “Kasaktian Pancasila” di Konsulat Jéndral RI di Kobé, Jepang. Tatacara upacara geus ditetepkeun ti Jakarta. Kitu deui kekecapan sumpah nu kudu dibaca dina upacara:

Da dugi ka istigfar abdi mah ngupingkeunana. Dina éta sumpah, sidik nu ngadamelna téh musyrik, nganggap Pancasila langkung kawasa manan Allah, sanaos dina sumpahna téa teu hilap nyebat-nyebat jenengan Allah. Dianggap Pancasila anu tos nyalametkeun bangsa jeung nagara téh. Sanés Allah. Istuning tos ngaberhalakeun Pancasila.”

“Tangtos henteu sadar anu ngadamel éta téks sumpah téh, da maksadna mung ukur hoyong némbongkeun kahébatan Pancasila. Tapi henteu tiasa disumputkeun deuih yén anu ngadamel éta téks téh sanés jalmi nu ngartos hartosna tauhid. Nu matak hémeng mah, tangtos éta sumpah Hari Kesaktian Pancasila kitu téh tos taun-taun, tapi bet dugi ka kiwari tacan kakuping kénéh aya pamingpin Islam nu ngageuing pamaréntah. Tangtos kahartos margina mah: sieun dituduh anti Pancasila, cara nu aya cukang komo meuntas. Tapi upami kitu apan sami baé sareng langkung sieun ku nu nyepeng kakawasaan di dunya manan ku Nu Maha Kawasa.”

“Kitu deui upami diémut-émut, kabiasaan “mengheningkan cipta”, nu ayeuna tos jadi bagian protokolér urang, apan henteu aya contona ti Rasulullah, ngagereyem maca al-Fatihah dina kasempetan kitu.” (kaca….).

Hiji pamadegan nu nenggang pisan ti pamadegan para kekentong Islam Indonésia nu ngaku modéren tur moderat. Ajip konfrontatif pisan. Ari nu séjén-séjén milih kompromi jeung pamaréntah ngaliwatan gerakan-gerakan kultural, liberal, rasional, atawa global, ti batan miara jeung ngajaga akidah umat tina sagala rupa intervénsi nu tujuanana ngaleungitkeun ajén-inajén Dienul Islam. Sabab ceuk maranéhna, umat Islam bébas nangtukeun pilihan pikeun kufur, musrik, murtad, nu dianggap bagian tina Hak Asasi Manusia (HAM).

Waktu ngabandungan sawatara kekentong Islam ti lingkungan Masjumi bengkah balukar béda pamanggih pribadi, nepi ka ngarémbét kana urusan Ketua MUI, sabada Buya Hamka pupus, Ajip ngarasa kuciwa. Komo sabada kanyahoan di antara para kekentong rada-rada sinis ka K.H. EZ Muttaqien. Ajip nandeskeun, leuwih hadé MUI dicekel ku EZ Muttaqien tinimbang ku Qodratullah (kaca …).

Qodratullah (cenah mah Kyai Haji) téh, pupuhu organisasi Gabungan Usaha Peningkatan Pesantrén Indonésia (Guppi). Hiji organisasi underbouw Golkar. Diadegkeun awal 1971, ku Mayjén Ali Murtopo jeung Mayjén Sujono Humardani, keur kapentingan Golkar dina Pemilu Juli 1971. Nyaéta sangkan sora umat Islam nu biasa ngadukung Nahdlatul Ulama (NU) kapimilik ku Golkar. Réa kyai, ustad, ajengan jeung santri warga NU, nu rata-rata “buta politik” kataji ku Guppi. Paheula-heula arasup Golkar. Nepi ka Golkar meunang mutlak (265 korsi DPR). NU ukur meunang 58 korsi. Sakitu gé untung kénéh dibandingkeun jeung PNI nu anjlok tinggal 20 korsi (tina 57 korsi DPR Pemilu 1955). Qodratullah kapeto jadi anggota DPR ti Fraksi Karya Pembangunan (FKP).

Waktu ngabahas Rencana Undang-Undang (RUU) Perkawinan, ahir taun 1972, anggota DPR ti NU, Parmusi, PSII jeung Perti (ngagabung dina Fraksi Persatuan Pembangunan), nolak sapajodogan. Sabab eusi RUU Perkawinan patukang-tonggong pisan jeung hukum nikah (munakahah) umat Islam. Pamanggih para anggota FPP, luyu jeung pamanggih para ulama saluareun DPR, RUU Perkawinan nu meunang niron sacéréwéléna tina hukum Éropa, baris ngaruntagkeun akidah umat, ngaruksak kasucian ibadah jeung mupus hukum waris (faraid). Malah béh dituna sacara teu langsung, ngahalalkeun pertikahan antara anak jeung bapa, indung, atawa dulur sagetih-sasusu, lantaran ngamuat aturan adopsi nu megatkeun hubungan kakulawargaan. Ku ayana RUU Perkawinan nu dirojong ku Golkar jeung PDI, katut sakabéh anggota DPR ti golongan Kristen, timbul démonstrasi di mana-mana. Ormas-ormas Islam, saperti PII, IPNU, IPM, ngabubuhan ngadongdon gedong DPR. Ngahatéan para anggota DPR ti FPP sangkan terus bajuang ngagagalkeun RUU Perkawinan.

Dina pamandangan umum, FPP ngasongkeun para ulama kahot (di antarana K.H. Bisyri Syamsuri) jeung politikus Muslimat (saperti Dra. Hj. Asmah Syahroni), pikeun nolak RUU Perkawinan sagemblengna, dikuatan ku dalil-dalil fiqh, Quran jeung Hadis. Golkar ngasongkeun Qodratullah pikeun ngayonan arguméntasi para ulama FPP. Tangtu baé loba nu diaya-ayakeun nu teu luyu jeung hukum Islam, sabab kudu mingges-minggeskeun kaidah fiqh Islam nu geus jelas ngatur bab nikah umat Islam.

Para ulama di luar DPR, di antarana Buya Hamka, Prof. Dr. Rasyidi, jsb. ngamuat sababaraha tulisan, manghanjakalkeun kana sikep jeung pamanggih Qodratullah, jeung umat Islam anggota DPR ti FKP atawa PDI, nu leuwih mentingkeun kaperluan politik ti batan ngajaga jeung nanjeurkeun aturan hukum Islam. Tapi teu bisa majar kumaha. Bongan Golkar jeung PDI dina Pemilu 1971 disokong ku sabagian sora umat Islam, ari kabuktianana di DPR ngageresel akidah, ibadah, ahlak jeung muamalah Islam.

Untung baé, F-ABRI milu neken pamaréntah. Ahirna RUU Perkawinan nu ngabarubahkeun umat téh, ditarik. Diganti ku RUU Perkawinan séjén nu luyu jeung hukum Islam.

Dumasar kana curriculum vitaé Qodratullah di DPR, Ajip teu panuju pisan lamun manéhna jadi Ketua Umum MUI ngaganti Buya Hamka. Hiji panitén nu seukeut tur tepat, nu teu pernah dipersoalkeun ku nu séjén.

Ngimeutan sakabéh surat dina Ayang-Ayang Gung nu jumlahna 60 (genep puluh), aya sawatara kacindekan nu bisa dijadikeun ugeran. Kahiji, kahirupan umat Islam dina période 1980-1986 bener-bener nandangan musibah. Politik réprésif rezim Orde Baru geus ngajadikeun Islam katut ummat Islam ukur obyék “wacana”. Malah saterusna jadi obyék téror, boh méntal boh fisik, lain subyék nu mawa mangfaat keur pangwangunan nagara jeung bangsa. Umat Islam di-”marginal”-keun. Teu dibéré pancén jeung atikan politik nu saimbang jeung jumlahna nu mayoritas. Malah ku ayana kawijakan “floating mass” (masa mengambang), umat Islam beuki bodo balilu dina urusan politik. Tokoh-tokoh Islam anu awas kana soal ieu, gancang dibaréngkos. Ditutup ruang gerakna. Disungkeret kabébasanana. Malah hak-hak perdatana dicabut.

Sabalikna, para kekentong Islam nu daék kompromi, nu moderat, dibéré lahan keur nyebarkeun “wacana” anu diwatesanan dina idé-idé téologi wungkul. Antukna, pamahaman umat kana akidah, ibadah, ahlak jeung muamalah, ngalaman kamorosotan. Kagiatan ibadah ritual mémang jiga ningkat jumlahnna. Masjid jlug-jleg di mana-mana. Di antarana diwaragadan ku Yayasan Amal Bakti Muslim Pancasila. Tapi ajén-inajénna mah wallahu alam. Konsép politik Snouck Hurgronje anu ngantep umat Islam laluasa salat, tapi nyegah umat Islam ilubiung dina politik jeung hukum, dilaksanakeun kalawan hadé ku rezim Orde Baru. Dawuhan Kangjeng Nabi Saw. ngeunaan hal ieu, tétéla bener:

Yanqusu hadad-dien `urwatal `urwata, fa awwaluha al-hukma, wa akhiruha ash-shalah”. Beungkeutan ieu dien (Islam) lalocotan sabeungkeut sabeungkeut, dimimitian ku hukum (dilocotan), ahirna mah shalat (milu locot).

Buktina, tina “wacana” idé téologisasi, kulturisasi, rasionalisasi jeung liberalisasi Islam, geus katangen tanda-tanda ngabaékeun shalat. Dimimitian ku nyaruakeun sakabéh ajaran agama, nu ngamungkinkeun prakték ritual nu sarua (milu upacara Natal jeung Imlék, upamana). Perkara hukum Islam mah apan ti béh ditu mula geus diburak diacak-acak. Boh ngaliwatan prosés konstitusi (mupus kalimah “dan kewajiban menjalankan syariat Islam bagi pemeluk-pemeluknya), boh ngaliwatan prosés yudikasi nu nyoko kana KUHP warisan hukum kolonial nu sama sakali teu ngahargaan hukum agama.

Kadua, ukhuwah Islamiyah di antara sasama umat Islam, kacida pikarisieunana. Tong boro di kalangan awam, di kalangan para élit nu sakuduna jadi imamul ummah ogé, bet keuna ku béncéng-céwéng. Para kekentong umat pantaran Mr. Moh. Roem, Mr. Sjafrudin Prawiranegara, Moh. Natsir, jeung lian-lianna, nepi ka kudu katangen bengkah jeung batur saperjoangan. Di antarana jeung K.H. EZ Muttaqien. Padahal keur dina kaayaan ditalikung ku rezim Orde Baru. Pédah éta papada boga sangka kitu jeung kieu, terus disundutan jeung dimangpaatkeun ku oknum-oknum nu hayang meunang kauntungan ti ditu ti dieu. Hayang meunang kapercayaan ti para tokoh sepuh hormateun umat, sakaligus meunang “peresén” ti rezim nu keur kawasa, nu teu hayangeun nénjo para élit imamul ummah runtut-raut sauyunan, layeut-geugeut sabobot-sapihaneun, sabata- sarimbagan, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak. Rezim nu kecing–nu ku buku sastra gé sieun, komo ku gegedug umat Islam nu kukuh pengkuh dina adeg-adeg ukhuwah Islamiyah–salawasna usaha satékah polah pikeun muyarkeun éta beungkeutan nu kuat. Kumaha baé carana. Pangpangna ku jalan “belah bambu”. Nu hiji dijungjung lungguh, nu séjén dijejek dipepehek. Turta usaha samodél kitu téh kawasna hasil pisan.

`Ala kulli hal, surat-surat Ajip Rosidi dina Ayang-Ayang Gung ngajak urang (umat Islam) ngoréksi diri (muhasabah), ngahudangkeun kasadaran (ay-yaqzah) jeung ngoméan kaayaan nu salah (at-taubah), ngaliwatan méntal nu kuat ku kawani, pikir nu masagi ku wawasan, sarta tanaga nu nyukupan ku kawisésaan.

La takhaf wa la tahzan, innallaha ma `

(Dicutat tina panganteur buku Ayang-ayang Gung)